Minggu, 31 Oktober 2010

PAHLAWAN NASIONAL JABAR

Review

K.H. ZAINAL MUSTAFA

Oct 12, '07 5:13 AM
for everyone

Category:

Other





Bisa jadi loba anu nyngka yĕn perjoangan Kiai Haji Zainal Mustafa tĕh ukur dina jaman pendudukan Jepang wungkul. Pangna kitu tĕh lantaran anjeunna dina jaman harita dihukum patina. Padahal saenyana mah bagerakna tĕh ti keur jaman colonial Walanda kĕnĕh.

Kiai Zainal Mustafa tĕh pituin urang Singaparna, Tasikmalaya. Dina yuswa 20 taun, anjeunna ngadegkeun Pasantrĕn Sukamanah. Beuki lila, pasantrĕnna tĕh beuki gedĕ waĕ, kaimpungan ku santri ti mana mendi.

Aya hiji sikep Kiai Zainal Mustafa anu dipikasakempang pisan ku pamarĕntah colonial Walanda, nyaĕta nti penjajahan. Pikeun ngalilindeuk anjeunna, pamarĕntah colonial ngolo-ngolo ku kapangkatan, tapi kalah ditolak. Ku sabab ku cara lemes mah hĕsĕ, antukna digunakeun cara kasar. Kiai Zainal Mustafa jeung sawatara urang sobatna ditĕwak, terus digebluskeun ka Panjara Sukamiskin, ampir dua bula, kalawan tuduhan ngojok-ngojok rahayat sina barontak ka pamarĕntah. Dina bulan Pĕbruari 1942, anjeunna ditĕwak deui, terus ditahan di Panjara Ciamis.

Pamarĕnah kolonial Walanda ahirna ĕlĕh ku Jepang. Kiai Zainl Mustafa anu harita aya kĕnĕh di jero panjara diolo-olo deui ku pamarĕntah pendudukan Jepang. Heug dibĕbaskeun ti bui, asal daĕk cekel gawĕ di sĕndĕnbu (mun ayeun mah Departemĕn Penerangan).

“Ayeuna mah moal wara mĕrĕ kapastian, lantaran masih kĕnĕh capĕ. Haying reureuh heula,” saurna.

Sanggeus dibĕbaskeun, Kiai Zainal Mustafa tĕh boro-boro biluk ka Jepang, anu puguh mah kalah nĕmbongkeun sikep ngalawan. Dina pandangan anjeunna, Jepang tĕh teu bĕda ti Walanda anu datingna ka lemah cai urang pikeun ngajajah.

Pamarĕntah pendudukan Jepang terus ngadongsok sangkan Kiai Zainal Mustafa daĕk diajak gawĕ bareng, tapi teu hasil waĕ. Tayohna mah geus bĕak kasabaran, anu matak pamarĕntah pendudukan ngirim utusan ka Sukamanah pikeun nyangkalak pingpinan pasantrĕn.

Pasukan pulisi, anggota Keibodan, jeung Camat Tasikmalaya anu jadi utusan tĕa, sadatangna ka Sikamanah tĕh kalah terus ditingker ku urang dinya. Malah senjatana ogĕ dirampas. Najan kitu, saurang ogĕ taya aunu ditelasan, sabab Kiai Zainal Mustafa geus ngawawadian, ulah perang jeung bangsa sorangan. Mĕmang anu harita jadi utusan pamarĕntah Jepang tĕh bangsa urang kĕnĕh.

Balukar ayana ĕta kajadian, Sukamanah dirurug ku pasukan pamarĕntah pendudukan, ninggang dina poĕ Jumaah. Urang Sukamanah anu dipingpin ku Kiai Zainal Mustafa henteu gedag pamadegan. Der perang campuh, aya kana dua jamna. Lantaran ĕlĕh pakarang jeung ĕlĕh loba, ahirna pasukan sukamanah kadĕsĕh. Kiai Zainal Mustafa ditawan. Dina tanggal 24 Oktober 1944, anjeunna ditiban hokum pati ku pamarĕntahan pendudukan.

(tina buku Gapura Basa pikeun SLTP kelas hiji, Drs. R. Hidayat Suryalaga, Spk., Geger Sunten:Bandung, 1997, kaca 163 – 165)

Tags: pahlawan jawa barat

2 comments share


ReviewReview

OTO ISKANDAR DI NATA SI JALAK HARUPAT TI TATAR SUNDA

Oct 12, '07 4:38 AM
for everyone

Category:

Other

Sakumaha bangsa Indonĕsia, pangpangna urang Sunda, tangtu moal aya nu bireuk ka Oto Iskandar di Nata. Anjeunna tĕh salasaurang pahlawan nasional anu
gedĕ jasana pikeun bangsa jeung nagara Indonĕsia. Jasa-jasa anjeunna ĕbrĕh pisan dina lalakon jeung sajarah kamerdĕkaan. Ku urang bias kabandungan, kumaha harusna sora Pa Oto waktu ngedalkeun kareteg kahayang bangsana dina siding-sidang volksraad. Kalawan tatag anjeunna nyoara, aya dua pilihan pikeun bangsa Walanda: buru-buru indit ti tanah jajahan atawa kudu diusir heula!
Dina siding dĕwan rayat taun 1931, Pa Oto geus nandeskeun pamadegan yĕn Indonĕsia tĕh bakal merdĕka. Ari kangaranan hirup merdĕka mah geus jadi sipat sakur nu kumelendang. Tong boro manusa, dalah sati gĕ sarua. Bangsa Indonĕsia tangtu bakal merjoangkeun kamerdĕkaan sakuat tanaga. Sumanget rahayat moal bias ditumpes ku kakerasan jeung pakarang.
Pa Oto tĕh pituin urang Dĕsa Bojongsoang, Bandung. Dibabarkeunana tanggal 31 Maret 1897. ti keur budak kĕnĕh geus katĕmbong bakat jeung kamampuhna anu onjoy batan budak nu lian. Najan enya putra lurah, tapi ari sapopoĕna mah sok bareng waĕ jeung, anak cacah kuricakan.
Cita-cita Pa Oto haying jadi guru. Ku sabab keying jeung suhud dina diajar, ahirna ĕta cita-cita tĕh laksana. Anjeunna diangkat jadi guru di wewengkon Banjarnegara, Jawa Tengah. Ti dinya terus dipindahkeun ka Bandung.
Saenyana ti keur sakola guru kĕnĕh ogĕ Pa Oto geus kataji ku kagiatan kaom pergerakan. Pikeun ngamalirkeun pamadeganana, nya terus waĕ asup organisasi Budi Utomo. Ti saprak matuh di Bandung, anjeunna jadi anggota Paguyuban Pasundan. Malah dina ĕta organisasi ngaran Oto Iskandar di Nata mimiti dipikawanoh ku masarakat Indonĕsia, nyaĕta ti saprak jadi anggota dĕwan rayat tĕa. Ku pihak pamarĕntah kolonial, Pa Oto tĕh dianggap salasaurang kekentong pergerakan anu teu bias dianggap ĕntĕng. Pangna kitu tĕh sabab anjeunna ludeung nepikeun sora balarĕa anu gedĕ kawanina, Pa Oto meunang jujuluk “Si Jalak Harupat”. Dina budaya Sunda, sesebutan jalak harupat tĕh maksudna hayam adu nu salawasna tandang di pakalangan. Tah, kawani Pa Oto ogĕ dipapandĕkeun kana kawani hayam adu anu tara kungsi ĕlĕh.
Dina taun 1929, Pa Oto kapilih jadi Ketua Pengurus Besar Paguyuban Paundan. Dina jaman kapangurusan anjeunna, ĕta organisasi tĕh maju pisan, babakuna dina widang pulitik, ĕkonomi, persuratkabaran, jeung atikan.
Dina jaman merdĕka, Pa Oto dijungjung lungguh jadi Menteri Negara kabinĕt anu munggaran. Dina urusan kanagaraan, saenyana ti sawatara bulan samĕmĕh merdĕka ogĕ anjeunna geus pipilueun. Pa Oto kaasup anggota Panitia Persiapan Kemerdĕkaan Indonĕsia anu diantarana boga pancĕn nyusun UUD 1945 jeung Pancasila.
Hanjakal pisan, dina bulan Oktober 1945 Pa Oto aya nu nyulik. Anjeunna dipergasa tepi ka tilar dunya ku sawatara jalma nu teu boga rasa tanggung jawab.
Kiwari Pa Oto geus taya dikieuna. Tapi najan kitu ari sumanget jeung cita-citana mah masih kĕnĕh hurung dina jiwa bangsa Indonĕsia. Ku kituna, pikeun ngajĕnan jasa Pa Oto Iskandar di Nata saban tanggal 31 Maret sok dipiĕling wetonna, sarta sok diteruskeun jarah ka Pasir Pahlawan, nyaĕta makan Pa Oto Iskandar di Nata, perenahna di jajalaneun ka Lĕmbang.

(tina buku Gapura Basa pikeun SLTP kelas hiji, Drs. R. Hidayat Suryalaga, Spk., Geger Sunten:Bandung, 1997, kaca 40 – 42)
Katerangan nu sanes mangga toongan (Hatur Nuhun ka MH di milis Sunda "Kusnet")
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5600
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5599
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5592
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5591
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5590
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5589
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5588
http://yulian.firdaus.or.id/2005/09/19/si-jalak-harupat
http://www.solusihukum.com/tokoh/tokoh45.php
http://www.gatra.com/2003-08-31/versi_cetak.php?id=30925
http://www.korantempo.com/news/2004/11/10/Opini/32.html
http://www.sinarharapan.co.id/berita/0311/10/sh04.html


Tags: pahlawan jawa barat

1 comment share


ReviewReview

Kapten Tubagus Muslihat

Oct 11, '07 9:16 PM
for everyone

Category:

Other





Ampir sakabeh warga Bogor, boh Kota atawa kabupaten Bogor, ngaliwatan ka jalan Kapten Muslihat, persis dihareupeun salah sahiji toserba, tagesna di Taman topi aya patung salah saurang pejoang nu keur nunjuk. Dina cangkengna nyampak pestol, gagah. Sakabehna oge pada nyaho eta teh patung na Kaptan Muslihat anu kungsi katambak di dinya. Ngan kumaha jeung saha Kapten Muslihat, anu dijadikeun ngaran salah sahiji jalan utama di kota Bogor. Jigana teu sakabeh jalma nyaho kumaha mantenna berjoang dina raraga ngamardekakeun lemah cai teh.
Pundah-pindah Gawe
Kapten Muslihat ngaran lengkana, Tubagus Muslihat, putrana Tubagus Djahanuddin anu ngagaduhan dua putra. Anjeunna dilahirkeun dina dinten Senen ping 26 Oktober 1926, di Pan deglang. Waktu harita Komunis keur meujeuhna rame ngbaruntak ka pamarentah Walanda.

Tubagus Muslihat sakola di HIS Rangkasbitung ngan ukur tepi ka kelas 3, saterusna pindah ka Jakarta anjeunan neruskeun deui ka HIS tepi ka tamat dina tahun 19540. Saterusna nuluykeun ka Taman Siswa bagian MULO tepi ka kelas 2. Kaluarna Muslihat ti sakola teh kulantaran kaayan jaman, saterusna digawe Bosbow Proefstation (Balai Panuluntikan Kahutan) di Gunung Batu, Bogor. Kakara sabaraha bulan digawe, kajaidan perang pasifik.

Tentara jeung pamarentah Hindia Walanda serah bongkokan, Kota Bogor harita didiukan ku Tangtara Dai Nippon. Kapten Muslihat eureun tina pagawean dina taun 1942, mangsa Jepang geus aya di Kota Bogor. Dina taun1943, Muslihat nyekel gawe di Rumah sakit Kedung Halang jadi juru rawat. Ngan teu kungsi lila pindah deui ka jawatan Kahutanan.
Waktu Bajoang
Waktu aya bewara sangkan nonoman jadi tantara Pembela Tanah Air ngageunjlengkeun jagat Nusantara, Muslihat langsung daftar jadi Tentara PETA. Sanggeus lulus sababarha kali testing, anjeunna di tarima jadi Shudancoo di Bogor babarengan jeung Tarmat, Ishak Djuarasa, abu Umar jeung Bustomi.

Tanggal 14 Agustus 1945, Tangtara Dai Nippon serah bongkokan ka Sekutu, waktu kota Hirosima jeung Nagasaki di bom ku Sakutu. Sok sanajan tepina ngan di Bogor harita jadi geunjleung, utamana diantara bangsa Jepang jeung tantarana.

Mun samemehna sok adigung adigung gede hulu, harita mah katempona teh jiga anu loba kasieun jeung bangun nu barararingung. Sakabeh anggota PETA anu aya dikaluarakeun ti asrama na ku jepang sanggeus saencanan bedil jeung pakarangna dicopotkeun.

Ngan Muslihat jeung sababaraha urang babaturan latihanana bisa kaluar ti asrama bari mawa pestol jeung pedang. Saterusna jeung rengrenganana aktif bajuang di BKR digawe bareng orhanisasi pemuda sejenna kayaning: API, AMRI, KRIS jeung Peisndo. Tubagus ngajaga kaamanan di jero kota bari sakalian ngarampasan pakarang ti leungeun Jepang.

Saterusna ngarebutan kantor jeung pausahaan bogana Jepang sangkan jadi milik Republik Indonesia. Kulantaran mibanda sikep anu teges, segala parentah jueng sikapna diturutan ku sakabeh anak buahna.

Pamarentah RI, secara dejure jeung de facto akhirna resmi di tangutngkeun di Kota Bogor, BKR dibubarkeun di jadikeun TKR ku Jendral Urip Sumohardjo, ari Tubagus Muslihat diangkat kalayan ngegem pangkat Letnan Hiji jadi Komandan Kompi IV Batalyon II TKR.

Dina Bulan Oktober 1945, kaayaan Kota Bogor kacida gentingna, Tangtara inggris jeung Gurkha asup ka jero kota bari di piluan ku NICA. Anu pangheulana didatangan teh nyaeta Tangsi Batalyon XIV urut Jepang anu memang dikosong keun.
Ngarasa gues kuat, lila lila bari jeung lalaunan manehna mimiti ngalagaan kakuasanana. Salah sahiji, Kota Paris, tempat nyonya-nyonya jeung anak Walanda (RAPWI) dikumpulkeun, saterusna direbut jeung jadi wilayah maranehanana.

Kaayaan di jero Kota Bogor beuki kacow, inggris tetela leuwih adigung adigung tibatan Walanda. Anu akhirna eta mangkeluk teh rek ngajorag ka istana anu harita keur dijaraga ku pamuda urang.

Parundingan di antara gegedan urang jeung inggris gagal, kalayan beurat hate, para pamuda teh ninggalkeun istana bari jeung ngarasa hanjelu kacida.

Akibat tina sikep inggris anu kacida nganyeringkeun hate bangsa urang, akhirna kajadian peperangan dina tanggal 6 Desember 1945 antara bangsa urang jeung tangtara inggris. Sok sanajan ukur ku awi seukeut jeung pakarang perang saayana, istana Bogor jeung Kota Paris jadi tempat pengperangan anu kacida rohakana.

Beurang jeung peuting pasukan Kapten Muslihat terus nyerang ka eta tempat kawas teu aya kacape jeung kagigis. Hiji peuting sawaktu Kapten Muslihat keur jeung kulawargana, jiganu geus meunang firasat, Kapaten Muslihat nyarita yen dirina moal bisa milu terus berjoang.

Ka ramana anjeuna nyarios saupamana putrana anu masih keneh dina kandungan lahir supaya di namian Gelar Merdeka.
Perlaya Di Medan Laga

Dina hiji waktu, nyaeta tanggal 25 Desember 1945, Kapten Muslihat dibarengan sababaraha anak buahna, salah saurang adina nyaeta, Gustiman (Muslihat teu nyahoeun adina milu dina rombongan) ngangempur kantor polisi anu aya di jalan Banten.

Dua beulah pihak silih tembak dina tempat panyumputan. Ngarasa kesel kulantaran perang eweuh hasilna, Kapten Muslihat Cengkat tuluy nembak, katempo sabaraha musuh ngajarungkel. Ngan sabalikna teu kanyahoan timana datangna, salah sahiji pelor musuh nembus beuteungna.

Ngan Kapten Muslihat terus nangtung bari nembak sok sanajan geus teu kaitung teuing sabaraha pelor anu kana awakna. Tetela pelor (anu sanggeus diayakeun bedah jenisna dum-dum) teh nyoekeun kulit patuanganana beureum pinuh getih.

Nempo kitu Gustiam nyampeurkeun tuluy nangkeup, tapi Kapten Muslihat marentahkeun adina sangkan buru-buru nyingkir, bisi nambahan korban.

Teu kanyahoan hijji pelor keuna kana tonggong, Kapten Muslihat rubuh, awakna baseuh ku getih, kaos anu tadi na bodas robah jadi beureum. Maseuhan awakna jeung lelmah cai. Bari jeung hese beleke kulantaran terus-terusan dihujanan pelor, warugana Kapten Muslihat akhirna bisa diangkat ka imahna di Pananragan ku barisan PMI bari dibantu ku anak buahna.

Samemeh malakul maut misahkeun raga jeung ruhna, ka apana anjeuna amanat yen duit simpenannana anu jumlahna Rp.600 (duit kertas jepang ) supaya di jariahkeun ka fakir miskin.

Ka kolegana jeung sakur anak buahna salah sahiji putra anu gugur pikeun ngamerdekakeun nagara ieu teh pesen sangkan neruskeun perjoangan.

“Urang pasti meunang jeung Indonesia bakalan merdeka.”

Maotna Kapten Muslihat disaksian ku Dr.Marzoeki Mahdi. Sabada ngucapkeun Takbir “Allohu Akbar” 3 kali, dina kaayaan anu tenang, pasrah sumrah, Kapten Tubagus Muslihat ngahadep Nu Nyiptakeun, Nu Ngamaotkeun jeung Nu Ngarajaan Alam Dunya, muliah ka jati mulang ka asal. Isukna, jasadna dikureubkeun dina kaayaan masih keneh perang bari ngantunkeun isteri anu nuju kakandungan.
(Dadang HP/Sejarah Perjuangan di DT II Bogor : Pemkab Bogor)
(Disalin tina Majalah Basa Sunda, Sampurasun ;Jati Diri Ki Sunda,
Taun Kahiji NO.02/September-okrtober 2006)

di cutat tina: http://www.kotabogor.go.id/index.php?Itemid=204&id=3324&option=com_content&task=view

Tags: pahlawan jawa barat

5 comments share


Review

KAPTÉN MUSLIHAT

Oct 11, '07 7:52 PM
for everyone

Category:

Other





Resep pisan upama urang kukurilingan di kota Bogor. Niténan kaéndahan kota bari nyeuseup segerna hawa ‘kota hujan’. Upama geus lungsé, urang bisa istirahat di salasahiji tempat pangreureuhan nu aya di tengah kota, upamana baé di Taman Topi.
Di ieu taman disadiakeun rupa-rupa kadaharan jeung inuman, boh anu tradisional kayaning céndol, és peuyem, rujak, jsb., boh kadaharan jeung inuman anu modéren.
Ieu taman téh lokasina stratégis pisan. Perenahna di Jalan Kaptén Muslihat, méh di tengah-tengah kota. Kaharti lamun saban waktu teu weléh ramé pada ngadeugdeug, pangpangna dina poé Minggu. Nu ngadon piknik sakulawarga umumna sok ngajugjug ka ieu tempat, niténan barang-barang seni, lukisan, cinderamata, atawa sukan-sukan di tempat kaulinan. Rupa-rupa pisan kaulinan barudak téh, aya momobilan, paparahuan, sapédah layang, jsb.
Minangka kaahéngan ieu taman, nyaéta ayana sawatara wangunan anu wangunna kawas topi. Ieu wangunan téh jerona dipaké toko, salon, réstoran, kantor pos, wartél, jeung kantor Pusat Informasi Turis. Éta sababna pangna ieu taman katelah Taman Topi, lantaran di jerona aya wangunan anu kawas topi.
Di hareupeun taman aya patung Kaptén Muslihat ngajega. Gagah pisan katénjona, kawas keur méré komando ngajak nyerbu ka musuh. Saha ari Kaptén Muslihat téh? Hidep aya nu apal riwayatna?
Ngaran lengkepna Kaptén Anumerta Tubagus Muslihat. Angpin perjoangan dina jaman revolusi ngalawan penjajah Walanda. Sakumaha umumna perjoangan bangsa Indonésia harita, rahayat Bogor ngagolak amarahna basa taun 1946 Walanda hayang ngajajah deui nagara urang anu geus merdéka. Rahayat Bogor singkil. Kajeun maot tutumpuran tibatan nagara ditincak deui ku kaom penjajah. Nya harita dipingpin ku Kaptén Muslihat jeung Mayor Toha, rahayat Bogor ngagerilya sarta nyerbu ka kantong-kantong pasukan Walanda. Éta serangan téh pohara matak musingkeunana ka pihak Walanda, lantaran pasukan gerilya anu nyerang téh metakeun strategi “neunggeul” tuluy “lumpat”. Kaptén Muslihat metakeun stratégi kitu taya lian lantaran kakurangan senjata.
Ku kateuneung Kaptén Muslihat jeung Mayor Toha, sumanget bajoang rahayat Bogor harita pohara gedéna, lir seuneu ngagugudag. Maranéhna hayang némbongkeun ka Walanda yén rahayat Bogor lain jalma leutik burih, tapi teuneung ludeung ngabéla bebeneran. Teu saeutik tihang listrik anu dicabut, dipaké laras mortir. Ku cara kitu, pihak Walanda tepi ka hemar-hemir ngarasa sieun.
Nalika keur mingpin pasukan rék mutuskeun jalan darat nu digunakeun ku pihak Walanda (Sekutu), Kaptén Muslihat katémbak. Katémbakna meneran di lebah dinya, hareupeun panto stasion karéta api Bogor, teu jauh di tempat wangunan patungna ayeuna. Kaptén Muslihat nu dilahirkeun di Pandéglang 25 Séptémber 1925, gugur nalika keur dirawat di Rumah Sakit Darurat Bogor (ayeuna Rumah Sakit PMI). Layonna dikurebkeun di Désa Panaragan, Bogor Kulon.
(tina buku Sabasa 2A kaca 30– 32)

Sumber dina internet
http://www.kotabogor.go.id/index.php?Itemid=101&id=3598&option=com_content&task=view

Tags: pahlawan jawa barat

0 comments share


Review

OTTO ISKANDAR DI NATA

Oct 11, '07 7:39 PM
for everyone

Category:

Other

OTO ISKANDAR DI NATA

Dina mangsa nagara urang dijajah ku Walanda, teu saeutik rahayat anu bajoang nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan. Enya ari pakarangna mah saayana, upamana baé pedang, tumbak atawa bambu runcing, tapi kateuneung rahayat pohara ngagedurna. Mending perlaya di medan perang tibatan kudu sumerah ka penjajah anu telenges. Kitu pamikiran umumna rahayat urang jaman harita. Bajoang bari metakeun pakarang téh tangtu baé aya hasilna sanajan pangorbanana kacida gedéna. Rahayat loba anu gugur di pangperangan atawa katalangsara alatan perang.
Sabenerna bajoang téh bisa ku rupa-rupa cara. Salian ti ngagunakeun pakarang, bisa ogé ku cara diplomasi atawa babadamaian jeung pihak anu ngajajah. Cara kitu téh geus dipilampah ku Pa Oto Iskandar di Nata.
Saha ari Pa Oto téh?
Pa Oto kaasup salasaurang pajoang anu teuneung ludeung nyanghareupan pamaréntah Walanda. Pa Oto lahir tanggal 31 Maret 1897, di Bojongsoang, Bandung. Anjeunna meunang jujuluk ‘Si Jalak Harupat” sabab kateuneungna téa dina ngabéla bebeneran. Anjeunna geus bajoang dina pergerakan nasional ngaliwatan lembaga resmi pamaréntahan Walanda nu disebut Volksraad.
Volksraad téh mun kiwari mah DPR, diresmikeun tanggal 18 Méi 1918 ku Gubernur Jéndral pikeun kapentingan pamaréntahan Walanda. Asalna ieu déwan téh dipingpin ku salah saurang ketua anu diangkat langsung ku Ratu Walanda jeung 48 urang anggotana. Dina bulan Méi 1927 anggotana nambahan deui jadi 60 urang.
Ieu kasempetan téh henteu domomorékeun ku Pa Oto. Kalawan meunang pangrojong ti sakabéh parapajoang anu sarua jadi anggota Volksraad, diantarana: K.H. Agus Salim, dr. Sutomo, HOS cokroaminoto, M.H. Thamrin, Mr. Muh. Yamin, jeung nu séjén-séjénna. Pa Oto mindeng nyarita peureus ngiritik pamaréntahan Walanda bari ngébréhkeun pamadegan-pamadeganana ngeunaan Indonésia merdéka. Dina salasahiji pidatona dina sidang Volksraad, Pa oto tatag pisan nyarita yén nagara Indonésia kudu merdéka, kudu leupas tina genggeman penjajah. Upama ayeuna urang sok ngagorowokkeun pekik “Merdéka!”, éta téh asalna ti Pa oto basa pidato dina sidang téa.
Dina jaman penjajahan Jepang ogé Pa Oto terus bajoang, di antarana milu ngadegkeun Barisan Pembela Tanah air, anu ilahar sok disebut PETA téa. Diadegkeunana PETA téh taya lian pikeun ngagedurkeun sumanget ka para pajuang sangkan terus bajoang ngahontal kamerdékaan.
Sabada nagara urang merdéka Pa Oto milu nyusun Undang-Undang Dasar 1945. Atuh sanggeus pamaréntahan Soekarno-Hatta nyusun kabinét anu munggaran, Pa Oto diangkat jadi Menteri Negara. Hanjakal dina taun 1945 katompérnakeun, basa nagara urang keur harénghéng, Pa oto aya nu nyulik. Layonna kapanggih geus ngambang di basisir Mauk Tangerang.

(tina Sabasa 1B kaca 11 – 13)

Sumber dina internet
http://yulian.firdaus.or.id/2005/09/19/si-jalak-harupat
http://www.solusihukum.com/tokoh/tokoh45.php
http://www.gatra.com/2003-08-31/versi_cetak.php?id=30925
http://www.korantempo.com/news/2004/11/10/Opini/32.html
http://www.sinarharapan.co.id/berita/0311/10/sh04.html
Sumber ti nu sanes mangga toongan (Hatur nuhun MH, di milis Sunda "Kusnet")
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5600
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5599
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5592
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5591
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5590
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5589
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritade tail&id=5588


Tags: pahlawan jawa barat

0 comments share


Review

DÉWI SARTIKA

Oct 11, '07 7:33 PM
for everyone

Category:

Other

Ngaran Déwi Sartika téh keur urang Sunda mah geus teu bireuk deui. Anjeunna salah saurang pahlawan pendidikan pituin urang Sunda. Dina kaayaan anu walurat jaman penjajahan Walanda, Ibu Déwi tigin ngadidik kaom istri Sunda anu harita harayang maju.

Ibu Déwi dibabarkeun di Bandung, tanggal 22 Désémber 1884. ramana Radén Rangga Somanagara, Patih Bandung harita. Ari ibuna Radén Ajeng Rajapermas, putra istri Bupati Bandung anu kakoncara Dalem Bintang.

Pa Somanagara kaasup ménak anu maju pikiranana. Ibu Déwi disakolakeun ka sakola Kelas Hiji. Hanjakal henteu lila, kudu eureun di kelas 2B. pangna kitu lantaran harita ramana Pa Somanagara sareng ibuna Bu Rajapermas dihukum buang ka Ternaté. Anjeunna dianggap nanduk ka Pamaréntah Walanda. Bu Déwi dipihapékeun ka uana Radén Demang Suria Kartahadiningrat anu katelah Aria Patih Cicaléngka.

Dina kaayaan kitu Bu Déwi tetep sabar bari migawé pancén sapopoé. Diajar rupa-rupa kaparigelan jeung kabinangkitan awéwé, kayaning masak, nyulam, ngabordél, jsb. Anléhna kana ngaguruan geus katémbong ti bubudak. Bu Déwi sok sasakolaan di tukangeun imahna. Sabakna ku kenténg. Ari geripna ku areng atawa apu. Batur-baturna sina dialajar maca, nulis jeung ngitung.

Bu Déwi sok dibelekesekkeun kana gawé ku uana, darajatna dianggap handap lantaran anak jalma buangan. Bu Déwi sok dititah nganteur kapilanceukna kursus basa Walanda, maca jeung nulis ka hiji nyonya Walanda. Lantaran karepna gedé hayang diajar bari uteukna éncér, Bu Déwi bisa nangkep naon-naon nu diajarkeun ti satukangeun panto. Ieu téh jadi modal anu pohara pentingna pikeun kahirupan Bu Déwi dina mangsa nu bakal datang.

Nu kasaksén ku Bu Déwi harita, kaom wanita wuwuh ngeuyeumbeu, ulukutek di dapur, bodo, sarta darajatna sahandapeun kaom lalaki. Ieu pikiran téh ngahudang kasadaran Bu Déwi pikeun ngamajukeun kaom wanita. Taya deui jalanna iwal ti kudu ngaliwatan pendidikan. Hartina kudu aya sakola anu husus pikeun kaom wanita, sangkan satata jeung kaom lalaki.

Bu Déwi pindah ti Cicaléngka sarta ngadeuheus ka uana nu séjén nu jadi Bupati Bandung, nyaéta R.A.A. Martanaga. Bu Déwi nepikeun pamaksudanana hayang ngadegkeun sakola pikeun kaom wanita. Paméntana ditedunan. Bu Déwi ngadegkeun sakola anu tempatna di pendopo kabupatén sarta dingaranan Sakola Istri. Ieu téh minangkan sakola munggaran di Indonésia pikeun kaom istri. Beuki lila muridna beuki nambahan. Ngan sakola tuluy diganti jadi Sakola Kautamaan Istri.

Kitu riwayat singget perjoangan Bu Déwi dina widang pendidikan. Anjeunna pupus di Cinéam Tasikmalaya, ping 11 Séptémber 1947 nalika nuju ngungsi lantaran aya agrési militér Walanda ka-1. lantaran jasana, tepi ka ayeuna jenengan Radén Déwi Sartika terus seungit ngadalingding. Méh di unggal kota di Jawa Barat jenenganana diabadikeun jadi ngaran jalan-jalan utama. Di kota Bogor ogé apan aya ngaran Jalan Déwi Sartika téh. Cing di lebah mana?
(tina buku Sabasa 1A kaca 47 – 49)

Sumber dina internet
http://yulian.firdaus.or.id/2004/12/04/raden-dewi-sartika
http://www.solusihukum.com/tokoh/tokoh43.php


Tags: pahlawan jawa barat

2 comments share


Review

RD. AYU LASMININGRAT

Oct 11, '07 7:25 PM
for everyone

Category:

Other






Radĕn Ayu Lasminingrat tĕh wanita Sunda anu ageing pisan jasana dina widang pendidikan. Dina taun 1907, anjeunna mokalan ngagedegkeun Sakola Kautamaan Istri di lingkungan pendopo Garut. Ieu sakola tĕh diajangkeun jadi tempat ngadidik para wanoja, anu dina mangsa harita mah can aya anu asup sakola. Sakur muridna dididik maca jeung nulis, katur karancagĕan liana anu dipikabutuh ku kaom wanoja.

Radĕn Ayu dibabarkeunana taun 1843, pituin urang Garut. Anjeunna tĕh putra Radĕn Haji Muhammad Musa, anu dina jaman harita jeneng Kapala Panghulu Kabupatĕn Garut.
Jaman harita mah can aya sakola pikeun barudak wanoja. Har, naha di mana atuh Radĕn Ayu diajarna? Kitu jigana pananya hidep tĕh. Tah, anjeunna mah diajarna tĕh ka Kontrolir Levisan urang Walanda. Lian ti diajar maca sareng nulis, diajar basa Walanda jeung ĕlmu pangaweruh liana deuih, hususna anu patali sareng kawanitaan.

Radĕn Ayu tĕh henteu ngan wungkul icikibung dina kagiatan sakola, tapi deuih getol ngadamel karngan. Ku kituna, anjeunna tĕh kalebet ahli sastra deuih. Karanganana dina basa Sunda dipedalkeun ku Balĕ Pustaka, tur jadi bacaan di saban Sakola Dasar.

Radĕn Ayu tĕh pasĕhat pisan dina nyangkem basa Walanda. Buku-buku sastra urang Ĕropa, hususnya pangarang ti Nagri Walanda, seueur anu ditarjamahkeun ku anjeunna kana basa Sunda. Dina narjamahkeunana ogĕ henteu salamina gugon kana wangun aslina, tapi seueur anu diserat deui dina wangunnan dangding. Umumna mah anu ditarjamahkeun ku anjeunna tĕh buku-buku bacaan barudak, diantarana anu judulna Warnasari jeung Kulit Kaldĕ.
Najan harita kaom wanita di urang masih kĕnĕh tinggaleun, tapi ari Radĕn Ayu mah gaulan tos lega, henteu mung sareng papada urang sunda wungkul, tapi deuih sareng bangsa asing. Ka Gupernur Jĕndral ogĕ anjeunna mah tos teu anĕh deui.

Radĕn Ayu nikahna ka Bupati Garut, Radĕn Adipati Aria Wiratanudatar VIII. Dina taun 1912, anjeunna ngadegkeun Sakola Istri, anu ambahanana langkung lega batan sakola anu diadegkeun dina taun 1907.

Anjeunna ngantun dina yuswa 105 taun. Garapanana dina widang pendidikan dilajengkeun ku salasawios putra wargina, nyaĕta Radĕn Purnamaningrat.

(tina buku Gapura Basa pikeun SLTP kelas dua, Drs. R. Hidayat Suryalaga, Spk., Geger Sunten:Bandung, cet. Ka-12,1997, kaca 30 – 32)



Sumber dina internet:
http://www.garut.go.id/pariwisata/index.php?mindex=daf_det_budaya&s_name=Tokoh_Sejarah&id_det=47
http://ernimuthalib.webspace4free.biz/semua/4355.htm

Tags: pahlawan jawa barat

2 comments share


Tidak ada komentar:

Posting Komentar